PAPATET Bahasa Sunda

PAPATET


Gunung Galunggung kapungkur
Gunung Sumedang katunjang
Talaga Sokawayan
rangkecik di tengah leuwung
Ulah pundung ku disungkun
ulah  melang teu diteang
tarima raga wayahna
ngancik dinagara deungun

Ka mana jalan ka Tespong
ka bandung da puguh jauh
kacai alim da tiis
tiris sieun kahujanan
Ka mana nya nurut gendong
ka indung da puguh jauh
ka gusti abdi aringgis
inggris sieun ka edanan

Ka mana abdi nya mandi
mun walungan dipindahkeun
ka gunung abdi teu wantun
barala seun berhala
Ka saha abdi migusti
mun dunungan rek ninggalkeun
ka indung puguh geus ngantun
baraya taya nu bela

Tidak ada komentar:

Posting Komentar