Sasakala Gunung Ciborok


Sampurasun…
Para Yuri anu ku sim kuring di pihormat, Alhamdulillah dina waktos taun ayeuna dina raraga kagiatan Pasanggiri sim kuring kapapancenan tugas ti sakola SDN 4 Cisaga nyaeta maparkeun salah sawios Sasakala Gunung Ciborok anu ayana di Pangandaran, anu kalebetna ka Kabupaten Ciamis, kieu ka jantenan nana asal muasalna Gunung Ciborook teh! Mangga urang regepkeun ku sadayana! 
Baheula mah pangandaran teh lain mangrupa dayeuh sabab eusina karek hiji dua teu saperti kiwari. Didinya aya hiji gunung nu nelah gunung Ciborok. Di hiji lembur nu anggang kaditu kadieu, aya hiji jalma nu kacida malaratna. Ceuk paribasana dahar sore henteu isuk teh lain bobohongan ti poe ka minggu, ti minggu ka bulan teh kahirupannana tetep bae teu aya pisan parobahannana. Estuning hirup teh teu aya tungtungna. 
Dina hiji poe, manehna indit ninggalkeun eta tempat maksudna meh nyiar kahirupan sejen. Nu di pamrih hayang milih-milih rabi sugan jeung sugan di tempat lain mah pinanggih jeung kabagjaan. Dasar geus nasib, kulak canggeum bagja awak, jung kaditu jung kadieu teh angger wae hirupna balangsak taya pisan kawarasan. Antukna manehna anjog ka hiji tempat anu katelahna Pangandaran. Kawasan Pangandaran teh asal kecap tina andar, anu hartina, sarah laut. Naon hartosna kecap sarah laut teh! Aya nu uninga? Sami…..sami kuring oge kirang paos….namung numutkeun pami disamikeun sareng jejer/caritana sasakala gunung Ciborok hartosna sarah laut teh nyaeta tempat anu mukimna para dedemit anu ngawasa lautan, janten anggapan jalmi anu kirang kaimanan mah, eta tempat teh tiasa di anggo guguru ngalap kabeungharan. Sumangga urang lejeungkeun deui! Geus lila manehna reureuh didinya, bari ngalamun mikiran nasib dirina. Manehna diuk nyanghunjar mikir-mikir kumaha nya pilampaheun geusan nyanghareupan kahirupan satuluyna. Jorojoy dina hatena aya maksud hayang tatapa, pamikirannana susuganan meunang pituduh tinu gaib. Bisa ngarobah hirupna saking ku geus peurih hirupna, manehna geus buleud tekadna rek tatapa.  Kumaha behna we. Kacaritakeun dina tatapana, manehna meunang ilapat tinu gaib. Ari ilapatna teh kieu…
Ha …Ha….Ha…Ha….
a. : “Hai manusa, hayang naon andika? Aya naon? Maksud andika ngaganggu  ka tempat kaula!
b. : “Nun…..kaula nun! Kuring hampura tos kumawantun ngaganggu! Maksudna kuring rek meredih tulung…. Sabab geus weundeu hirup sangsara balangsak…. Kuring …..rek menta kadunnyaan haying loba dunnya nu barana.
a. : “Hahaha...dasar manusa…manusa hirupna sarakah! Seug ku kaula dicumponan, asal kudu daek mulang ka alam gaib, samemeh mulang ka akherat, eta syarat nu kahiji….
b. : “Kaula nun….nu ngageunggeu di tempat ieu, kuring sanggup! Lantaran hirup kuring geus embung sangsara balangsak…ku harta dunnya barana.
a. : “Hahaha…syukur….syukur….tapi andika kudu nyumponan deui syarat anu kadua? Maneh manusa samemeh mulang ka alam akherat, andika kudu daek kawin ka anak kaula, nu ngarana Nyi Borok jeung kudu daek ka titipan cirri tanda geus kawin ka anak kaula… nyaeta …borok Saumur-umur.
b. : “ kaula nun nu ngawasa ieu tempat kuring sanggup arek nyumponan pasaratan anu kudu dilaksanakeun….!
Gancang carita sakabeh pasaratan kumanehna di sanggupan atuh hajatan kawinan teh kacida rongkahna. Kabeneran harita teh malem Juma’ah kaliwon. Saba’da kawinan, dak du madak eta jalma teh ngajina kataekan. Ngadadak jadi beurat beunghar, lubak libuk sagala aya, salieuk beh lain bobohongan. Ngan orokaya dina sukuna borokan. Eta borok teh lain sapoe dua poe, tapi Saumur hirup.  Ti harita manehna ngadon ngababakan bubuara kahiji tempat nya nelah Desa Babakan, nu deukeut pasir tempat manehna tatapa nya nu disebut Gunung Ciborok. Disebut gunung ciborok teh sabab, ieu gunung teh sok dipake tempat pamujaan, ku jalma-jalma nu hayang beunghar ku jalan gampang ngajual imah jeung kataqwaanana. Lamun eta jalma hasil mujana nya dina sukuna sok borokan, nu moal bisa leungit Saumur-umur. Malah sok kabawa tepi ka paehna. Da memang mujana dikawinkeun ka putrid borok.
Atuh ari malem Juma’ah kaliwon, di gunung ciborok sok kaambeu parem atawa obat borok, sabangsa walirang nu ngahiliwir kaangin-angin malah lamun kawenwhan mah, lian ti kaambeu parem orok, oge sok kadenge gamelan nyungkung, tanda mapag panganten nu dikawinkeun ka Nyi Borok.
Rupina cekap sakieu dongeng carita Sasakala Gunung Ciborok. Anu ku sim kuring nembe dipaparkeun neda sih hapunten anu kasuhun. Pamugi ieu carita Sasakala Gunung Ciborok teh sing janten eunteung. Kaurang sadayana salaku umat Islam sakumaha seueur cocobi. Sim kuring ngadu’akeun pisan mugia sing di paparinan kakuatan kaimanan. Sareng mugia langkung ditingkatkeun kataqwaan ka Allah S.W.T.
Rupina mung sakitu anu kapihatur.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar