Angklung Bahasa Sunda


Angklung Bahasa Sunda
Angklung Bahasa Sunda
Angklung nyaeta alat musik tradisional sunda nu dijieun tina awi, di manenkeun kucara di eundukkeun  (awak buku awi na neunggar sarigsig) sahingga ngahasilekun sora anu ngageter dina susunan nada 2, 3, nepi ka 4 dina unggal ukuranna, boh nu badang atawa nu leutik. Kalas (nada) nu dipake angklung tradisional sunda biasana salendro jeung pelog.

Sejarah angklung
Dina kasenian sunda, nu migunakeun alat musik tina awi di antarana angklung jeung calung, awi nu sok di pake alat musik biasana tina awi wulung (awi anu kelirna hideung) jeung awi temen (klir bodas). Sada na kalur tina angklung jeung calung asalna sarua, nyaeta tina solobong awi nu ngalentrung lamun di tabeuh (diadu).

Angklung di pikawanoh ku masyarakat sunda ti jaman kerajaan sunda. Diantarana pikeun ngagedur keun sumanget dina pangperangan. Fungsi angklung pikeun ngahudangkeun sumangeut ieu jadi sebab ieu dicaramana ku pamarentah jajahan Hindia Walanda.

Kasenian angklung kiwari leuwih mekar deui, ku ayana unsure ibing laju jeung kapentingannana, misalna dina upacara ngerak parekan leuit (ngampih pare, Nginabkeun) jeung dina mangsa mitembeyen melak pare (ngaseuk) pan kitu dui dina mangsa panen jeung jeung seren taun, nu ilaharna aya acara arak-arakan nu kadang di bareungan oge ku rengkong jeung dong dang.

Rupa-ripa ngklung salah sahijina :
1.    Angklung Konekes
2.    Angklung Dogdog Lojor
3.    Angklung Gobrag

Tidak ada komentar:

Posting Komentar